Rabu, 07 Desember 2011

Pangaruh Kamekaran Teknologi kana Kamekaran Budaya


Pangaruh Kamekaran Téknologi kana Kamekaran Budaya

Jaman kiwari, jaman globalisasi, jaman nu katelahna ku téknologi. Sagala rupa hal dibentuk atawa dijieun ku téknologi, mun teu maké atawa teu ngarti kana téknologi ceuk barudak ayeuna mah gapték ngarana téh.
Naon ari ngaran teknologi téh? Téknologi nya éta metode ilmiah pikeun ngahontal tujuan anu basajan; élmu pangaweruh saduran atawa bisa diterjemahkeun minangka sarana pikeun nyadiakeun pakakas-pakakas anu diperlukeun pikeun kahirupan manusa. Ayana kamekaran téknologi dilantarankeun ku pamikiran manusa pikeun ngaréngsékeun masalah nu disanghareupanana.
Kamekaran IPTEK bener-bener geus diaku jeung dirasakeun loba méré bongbolong pikeun kahirupan manusa. Diantarana nya éta pikeun kabutuhan poko manusia. Dina nerapkeun téknologi maju, manusa mampuh ngabangun imah jeung gedong-gedong agreng. Jalma geus teu maké deui tangga, tapi ngan saukur mencet tombol, dina waktu anu samporét bisa geus nepi di lantai anu dituju. Nepi abad kiwari, manusa ngusahakeun mangfaat lautan jeung antariksa nu sagedé-gedéna ngaliwatan pulo-pulo jeung pakebonan laut. Salian nu geus disebutkeun, masih loba kénéh mangfaat sarta kaonjoyan ayana IPTEK.
Sajeroning mangfaat IPTEK anu sakitu gedéna, geus teu diragukeun deui, yén téknologi sakitu pentingna pikeun karaharjaan hirup, sabab nu ngaranna hirup téh dinamis, jadi kudu aya hal nu bisa nyaluyukeun kaayaan hirup nu dinamis éta. Tapi di sisi nu lian, IPTEK ogé méré kahéngkéran pikeun kahirupan manusa. Teu saeutik dampak nu dibalukarkeun ku ayana IPTEK, lamun ditalungtik leuwih jero deui mah, kaonjoyan  sarta kahéngkéran bisa waé saimbang. Sabab nu ngaranna buatan manusa téh jauh pisan ti kasampurnaan.
Ti mimiti paripolah, sikep, sarta kabiasaan geus dikuasaan ku nu ngarana teknologi. Alam nu sayogyana méré mangfaat pikeun kahirupan manusia, ayeuna geus teu nyugemakeun deui, balik deui ka téknologi, nya éta penggunaan téknologi téa ngarugikeun alam.
Mun di tilik tina kabiasaan urang Baduy jeung Kampung Naga, alam jeung manusa téh saiket sadeudeul, sabab manusa didinya ngajadikeun alam téh salaku babaturana, ceunah dumasar kana kapercayaana, lamun ngamusuh ka alam, alam ogé bakal balik ngamusuhan. Kapercayaan éta téh kabuktian ayana sabaaraha musibah ninggang ka sababaraha kaum manusa, saperti tsunami, gunung bitu, banjir, jsb.
Patali jeung budaya, kamekaran IPTEK ngalahirkeun budaya, saperti jaman kiwari, budaya nu dilahirkeun ku IPTEK nya éta budaya copy paste contona. Ayana téknologi informasi, mémang méré mangfaat nu gedé, tapi di sisi nu lian, ayana téknologi informasi ngaleungitkeun pamikiran-pamikiran anu kritis. Dicontokeun hiji mahasiswa, geus jarang dina ngerjakeun tugas téh mikir sagembleng idena, tapi lolobana copy paste tina internét. Jeung ayana teknologi informasi nya éta komputer téa, jalma geus haroream nulis ku tangan jeung mikir, batan nulis kitu, mikirna mending copy paste téa, sabab mikir jeung naon ayana téknologi informasi tapi teu dimangfaatkeun.
IPTEK mangaruhan ogé kana sababaraha budaya lokal, diantarana budaya Sunda. Dina kamekaran jaman anu beuki modérn, budaya Sunda kudu bisa nyaluyukeun, kudu dinamis dina nuturkeun kamekaran anu geus dikuasaan ku globalisasi jeung modérnisasi. Ayana IPTEK, méré bongbolong pikeun kabudayaan Sunda. Salasahiji contona nya éta geus mulai kaluar situs-situs Sunda di jejaring sosial, saperti Sundapedia, kamus-kamus online basa Sunda jeung blog-blog nu maraké basa Sunda. Ieu téh mangrupa salasahiji tarékah dina ngamekarkeun deui budaya Sunda anu geus érék leungit.
Sajaba ti éta, tarékah nu séjén dina ngamekarkeun budaya Sunda nya éta ngaliwatan majalah, éta téh mangrupa hiji téknologi anu lumayan méré mangfaat gedé. Ku ayana majalah ngeunaan basa Sunda, bisa naékeun deui darajat urang Sunda, yén budaya Sunda téh bisa leuwih maju deui, moal éléh ku kamekaran jaman anu kasohorna téh ngan saliwat-saliwat.
Bisa dicindekeun yén IPTEK méré pangaruh anu gedé pikeun kkaraharjaan manusa, hususna dina kamekaran budaya Sunda. Najan aya kaonjoyan sarta kahéngkérénana dina IPTEK, tapi éta méré ruang pikeun manusa hususna  masarakat Sunda dina ngamekarkeun deui budayana, lain ngan saukur ngamumulé tapi ogé kudu dipaké. Sabab balik deui kana kodrat manusa mah jauh tina sampurna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar