Nurutkeun kana kamekaran jaman, masarakat geus
kapangaruhan ku globalisasi jeung modernisasi. Ku kituna budaya karuhun
geus teu dipaliré deui,
geus teu diurus deui, geus kabongbolérkeun ku nu bogana sorangan. Budaya didieu
museur kana basa, nya éta salasahiji unsur budaya nu ditepikeun ku
Koentjaraningrat téa. Basa lokal saperti basa Sunda, geus tara dipake deui ku
nu bogana, nya éta orang Jawa Barat téa.
Geus
jarang pisan urang Sunda sapopoéna maké basa Sunda, najan ngaku pituin urang
Sunda ogé, tapi basa Sunda éta dibongbolérkeun ku maranéhna. Maranéhna
nganggap, yén basa Sunda téh hésé, basa Sunda téh basa gunung mun ceuk Josua Van Iperen mah ( pendéta
Belanda). Jadi ayeuna téh masarakat Sunda ngarasa géngsi mun nyarita maké basa
Sunda.
Najan
di sakola aya pangajaran basa Sunda, ti mimiti SD nepi ka SMA, tapi barudakna
nganggap pangajaran basa Sunda téh hésé, ceuk paribasa mah kéok saméméh
dipacok. Jadi maranéhna mah saméméh diajar téh geus boga sugésti yén basa Sunda
téh hésé, malahan aya nu nganggap leuwih hésé batan Matématika jeung basa
Inggris, padahal mun ditataan mah porsi basa Sunda jeung Matématika téh geus
béda.
Aya
sawatara hal nu nyababkeun pangajaran basa Sunda hésé, diantarana nya éta
sarana prasarana nu kurang ngarojong dina prosés pangajaran basa Sunda, minat
barudak kana basa Sunda, sarta kaayaan basa Sunda anu teu bisa nyaluyukeun
jeung kaayaan kiwari.
Nu
dimaksud sarana jeung prasarana nu ngarojong kana prosés pangajaran basa Sunda
didieu nya éta alat saperti guru. Guru nu ngajar basa Sunda téh lain guru
pituin basa Sunda, tapi guru anu teu kompetén anu asal tunjuk ku pamingpin éta
sakola. Jadi, dina prosés ngajar téh guru teu nyaluyukeun kana kurikulum nu
geus aya, rata-rata ngan ukur méré pancén jeung pancén, sedengkeun si murid teu
ngarti kana éta pancén.
Saperti
di salasahiji sakola SMA di Kab. Majaléngka, salasahiji muridna nyarita yén nu ngajar basa Sunda téh
lain guru pituin basa Sunda, tapi guru basa Arab nu asal tunjuk ti pamingpin éta
sakola.
Peran
guru didieu penting pisan, jadi teu bisa asal tunjuk, kudu nu ahlina. Bisa wae
dicontokeun, mun urang ngahadékeun komputer ka patani, moal maenya bener éta
komputer ari lain ka tehnisina mah, lantaran élmu nu dipaké ku patani mah élmu
sawah, kitu ogé pangajaran basa Sunda diajarkeun ku guru Fisika, najan urang
Sunda, can tangtu manéhna mahir jiga guru basa Sunda.
Guru
salaku motipator kudu bisa ngahudangkeun motipasi siswa sangkan mikaresep kana
éta pangajaran, guru ogé kudu bisa nyiptakeun kondisi diajar sangkan sisiwa
ngirut haténa kana diajar basa Sunda. Guru lain ngan saukur méré teori, tapi
kudu aya praktékna. Da guru basa Sunda mah kudu rancagé, kudu sagala bisa, bisa
ngibing, bisa ngawih, bisa maén alat musik tradisional, bisa nulis, jrrd.
Prakték
bisa ngahudang sumanget para siswa dina diajar basa Sunda, ku kituna sakola
kudu bisa nyadiakeun pasilitas saperti gamelan, kacapi, suling jeung alat musik
tradisional nu séjénna.
Salian
ti sarana jeung prasarana, pangajaran basa Sunda dianggap hésé lantaran minat siswa
kana basa Sunda sorangan. Basa Sunda dianggap leuwih hésé batan basa Inggris,
éta téh kuduna mah jadi perhatosan, naha sakitu héséna basa Sunda nepi ka
dibanding-bandingkeun jeung basa deungeun?
Dina Pikiran Rakyat, 26 Juli 2011
diébréhkeun ku penulis nya éta salasaurang guru basa Sunda SD Negeri 5
Cibiru, Kota Bandung ”Muatan lokal
(mulok) bahasa Sunda di sekolah sebagai satu-satunya mata pelajaran berkaitan
erat dengan eksistensi budaya lokal (khususnya bahasa Sunda) kini mengalami
gejala penurunan minat. Padahal bahasa Sunda merupakan simbol identitas budaya
daerah sebagai manifestasi kebhinekaan bangsa Indonesia turut memperkaya
kebudayaan nasional.”
Sabenerna
mah, minat siswa téh muncul alatan ti dirina sorangan jeung pangaruh luar.
Lamun tékad atawa kahayang ti manéhna gedé dina diajar basa Sunda, mangka
pohara alusna hasil dina diajarna, tapi mun euwueh kahayang saeutik ogé ti diri
maranéhna, bakal sabalikna. Kitu ogé pangaruh ti luar mangaruhan pisan kana
prosés diajarna siswa, nya éta keluargana jeun masarakat sabudeureunana. Lamun
keluargana ngarojong dina diajar basa Sunda, saperti maranéhna masih kénéh maké
basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoéna, mangka bakal leuwih alus dina hasil
diajarna. Tapi mun sabalikna, tinangtu hasil diajarna gé bakal goréng. Ti dieu
bakal muncul anggapan, yén pangajaran basa Sunda téh hésé.
Faktor
nu pamungkas nya éta kaayaan basa Sunda nu teu bisa nyaluyukeun jeung kaayaaan
kiwari. Kamekaran IPTEK bisa ngabalukarkeun basa lokal saperti basa Sunda
leungit tina peradaban. Sabab IPTEK geus mendarah
daging jeung rahayat mun ceuk paribasa mah. Sagala hal geus dipangaruhan ku
IPTEK, saperti dina komputer téa, alat komunikasi, transportasi, jrrd
mangaruhan hirup kumbuh masarakat sapopoé. Basa nu dipake lain basa Sunda deui,
tapi basa Inggris jeung basa Indonesia.
Siswa
ogé nganggap yén naon pentingna basa Sunda, lantaran dina nyanghareupan
kamekaran jaman, basa anu leuwih diprioritaskeun nya éta basa Internasional
basa Inggris téa.
Guru
SMP Negeri 1 Kota Cirebon Ani Supriani ngutarakeun, yén siswa ngajén basa Sunda
téh katinggaleun jaman. Maranéhna museur kana pamakéan komputer anu leuwih loba
maké istilah basa Inggris. “Saya lebih
memilih bahasa Inggris karena menilai lebih penting. Mereka juga mengatakan
bahasa Inggris justru lebih gampang dipelajari, “katanya.(PR, 23 September
2011)
Sanggeus
ditataan di luhur, basa Sunda mun teu dibebenah deui bakalan leungit katutup ku
kamekaran jaman. Ku kituna, hayu urang salaku urang Sunda mekarkeun deui budaya
karuhun urang, Lain ngan saukur dimumulé tapi kudu dipaké éta basa Sunda
sakumaha kuduna. Mun lain urang nu makéna, rék saha deui. Tumuwuhkeun deui raga
katineung kana budaya Sunda sangkan sumebar di ranah ki Sunda.