Senin, 26 September 2011

Mekarkeun Budaya Ngaliwatan Basa

Mekarkeun Budaya Ngaliwatan Basa


Numutkeun Koentjaraningrat, kabudayaan nya éta sakabéh sistem ide, tindakan, sarta hasil karya manusa dina raraga kahirupan masarakat anu dijadikeun milik diri manusa kalayan diajar.
Fungsi kabudayaan nya éta pikeun ngatur manusa sangkan bisa maham kumaha sakuduna milampah sarta migawé pikeun nangtukeun sikep anu patali jeung batur dina ngajalankeun hirupna.
Kabudayaan umat manusa miboga unsur-unsur anu boga sipat universal. Numutkeun Koentjaraningrat aya tujuh unsur kabudayaan universal, nyaéta:
  • Sistem réligi
  • Sistem kamasarakatan atawa organisasi sosial
  • Sistem pangaweruh
  • Basa nya éta pakakas pikeun berkomunikasi
  • Kasenian
  • Sistem pakasaban atawa sistem ékonomi
  • Sistem téknologi
Salasahiji unsur kabudayaan di luhur nya éta basa. Basa nu mangrupa alat komunikasi lisan, raket patalina jeung kahirupan sapopoé. Dina ngamekarkeun budaya salasahijina nya éta urang kudu bisa maké basa anu bener. Basa nasional Indonésia nya éta basa Indonésia. Ti Sabang nepi ka Merauke, ti suku Minang nepi ka suku Dhani, kudu apal kana basa nasional, sabab basa geus tercantum dina Sumpah Pemuda 28 Oktober 1928, ogé dina UUD 1945 Bab XV pasal 36 jeung Bab XIII pasal 32 ayat 2.
Saliann basa nasional, urang ogé kudu wanoh kana basa daérah sorangan. Urang Sumatra kudu bisa kana basa minang, urang Jawa Barat kudu bisa kana basa Sunda, urang Jawa Tengah jeung Jawa Timur ogé kudu bisa basa Jawa jeung saterusna.
Tapi kaayeunakeun, basa daérah éta geus teu diparaké deui ku nu bogana, saperti halna basa Sunda. Ceuk kasarna mah basa Sunda téh geus rék leungit, ditingali tina kaayaan masarakatna nu geus jarang maké basa Sunda. Ayeuna urang Jawa Barat sorangan geus jarang nu maké basa Sunda, saperti di daérah Pantura (Cirebon, Indramayu, Karawang jeung Bekasi). Komo nu daérahna deket ka Jakarta, saperti Dépok, geus jarang pisan nu maraké basa Sunda. Kumaha budaya rék mekar, basa waé nu kaasup unsur budaya geus teu dipikareueus deui ku nu bogana.
Padahal mah basa Sunda téh loba nu mikareueus ku urang luar mah, loba pakar nu nalungtik ngeunaan basa Sunda, sabab basa Sunda miboga ciri has sorangan, béda jeung basa Jawa atawa basa daérah séjénna.
Basa Sunda dianggap hésé sabab tara dipaké, contona waé di sakola dasar, basa panganteurna lain deui basa Sunda, tapi basa Indonesia, rék teu bisa kumaha barudak kana basa Sunda, sabab ambahan dina diajar basa Sunda waé geus heureut, jeung hal nu leutik ogé dina basa Sunda geus dianggap hésé.
Ku kituna, urang salaku masarakat Sunda, nu melék kana bacaan, nu ngarti kana kabudayaan, lain ngan saukur ngamumulé basa Sunda, tapi ogé kudu bisa maké, sabab éta téh mangrupa jati diri bangsa Indonésia hususna urang sunda.
Sajaba tina pamakéan basa ogé, urang kudu mikanyaho kana budaya sunda sorangan. Sunda téh kaya pisan ku budayana, saperti folklor. Dina folklor geus mencakup sagala hal. Folklor bisa nangtukeun identitas hiji bangsa, ku kituna dina ngamekarkeun budaya, lain ngan saukur nyaho, tapi kudu maham naon waé eusi budaya éta téh.
Sesuai jeung fungsina, budaya bisa nyelaraskeun antara kahirupan hiji jalma jeung jalma séjéna kalayan aturan hiji budaya dina ngadumaniskeun hiji basa jeung masarakatna sangkan maham jeung ngarti kana kabudayaan éta sorangan.






Tidak ada komentar:

Posting Komentar