Rabu, 07 Desember 2011

Lalakon Basa Sunda KIwari



Nurutkeun kana kamekaran jaman, masarakat geus kapangaruhan ku globalisasi jeung modernisasi. Ku kituna budaya karuhun geus teu dipaliré deui, geus teu diurus deui, geus kabongbolérkeun ku nu bogana sorangan. Budaya didieu museur kana basa, nya éta salasahiji unsur budaya nu ditepikeun ku Koentjaraningrat téa. Basa lokal saperti basa Sunda, geus tara dipake deui ku nu bogana, nya éta orang Jawa Barat téa.
Geus jarang pisan urang Sunda sapopoéna maké basa Sunda, najan ngaku pituin urang Sunda ogé, tapi basa Sunda éta dibongbolérkeun ku maranéhna. Maranéhna nganggap, yén basa Sunda téh hésé, basa Sunda téh basa gunung mun ceuk Josua Van Iperen mah ( pendéta Belanda). Jadi ayeuna téh masarakat Sunda ngarasa géngsi mun nyarita maké basa Sunda.
Najan di sakola aya pangajaran basa Sunda, ti mimiti SD nepi ka SMA, tapi barudakna nganggap pangajaran basa Sunda téh hésé, ceuk paribasa mah kéok saméméh dipacok. Jadi maranéhna mah saméméh diajar téh geus boga sugésti yén basa Sunda téh hésé, malahan aya nu nganggap leuwih hésé batan Matématika jeung basa Inggris, padahal mun ditataan mah porsi basa Sunda jeung Matématika téh geus béda.
Aya sawatara hal nu nyababkeun pangajaran basa Sunda hésé, diantarana nya éta sarana prasarana nu kurang ngarojong dina prosés pangajaran basa Sunda, minat barudak kana basa Sunda, sarta kaayaan basa Sunda anu teu bisa nyaluyukeun jeung kaayaan kiwari.
Nu dimaksud sarana jeung prasarana nu ngarojong kana prosés pangajaran basa Sunda didieu nya éta alat saperti guru. Guru nu ngajar basa Sunda téh lain guru pituin basa Sunda, tapi guru anu teu kompetén anu asal tunjuk ku pamingpin éta sakola. Jadi, dina prosés ngajar téh guru teu nyaluyukeun kana kurikulum nu geus aya, rata-rata ngan ukur méré pancén jeung pancén, sedengkeun si murid teu ngarti kana éta pancén.
Saperti di salasahiji sakola SMA di Kab. Majaléngka, salasahiji muridna nyarita yén nu ngajar basa Sunda téh lain guru pituin basa Sunda, tapi guru basa Arab nu asal tunjuk ti pamingpin éta sakola.
Peran guru didieu penting pisan, jadi teu bisa asal tunjuk, kudu nu ahlina. Bisa wae dicontokeun, mun urang ngahadékeun komputer ka patani, moal maenya bener éta komputer ari lain ka tehnisina mah, lantaran élmu nu dipaké ku patani mah élmu sawah, kitu ogé pangajaran basa Sunda diajarkeun ku guru Fisika, najan urang Sunda, can tangtu manéhna mahir jiga guru basa Sunda.
Guru salaku motipator kudu bisa ngahudangkeun motipasi siswa sangkan mikaresep kana éta pangajaran, guru ogé kudu bisa nyiptakeun kondisi diajar sangkan sisiwa ngirut haténa kana diajar basa Sunda. Guru lain ngan saukur méré teori, tapi kudu aya praktékna. Da guru basa Sunda mah kudu rancagé, kudu sagala bisa, bisa ngibing, bisa ngawih, bisa maén alat musik tradisional, bisa nulis, jrrd.
Prakték bisa ngahudang sumanget para siswa dina diajar basa Sunda, ku kituna sakola kudu bisa nyadiakeun pasilitas saperti gamelan, kacapi, suling jeung alat musik tradisional nu séjénna.
Salian ti sarana jeung prasarana, pangajaran basa Sunda dianggap hésé lantaran minat siswa kana basa Sunda sorangan. Basa Sunda dianggap leuwih hésé batan basa Inggris, éta téh kuduna mah jadi perhatosan, naha sakitu héséna basa Sunda nepi ka dibanding-bandingkeun jeung basa deungeun?
Dina Pikiran Rakyat, 26 Juli 2011  diébréhkeun ku penulis nya éta salasaurang guru basa Sunda SD Negeri 5 Cibiru, Kota Bandung ”Muatan lokal (mulok) bahasa Sunda di sekolah sebagai satu-satunya mata pelajaran berkaitan erat dengan eksistensi budaya lokal (khususnya bahasa Sunda) kini mengalami gejala penurunan minat. Padahal bahasa Sunda merupakan simbol identitas budaya daerah sebagai manifestasi kebhinekaan bangsa Indonesia turut memperkaya kebudayaan nasional.”
Sabenerna mah, minat siswa téh muncul alatan ti dirina sorangan jeung pangaruh luar. Lamun tékad atawa kahayang ti manéhna gedé dina diajar basa Sunda, mangka pohara alusna hasil dina diajarna, tapi mun euwueh kahayang saeutik ogé ti diri maranéhna, bakal sabalikna. Kitu ogé pangaruh ti luar mangaruhan pisan kana prosés diajarna siswa, nya éta keluargana jeun masarakat sabudeureunana. Lamun keluargana ngarojong dina diajar basa Sunda, saperti maranéhna masih kénéh maké basa Sunda dina hirup kumbuh sapopoéna, mangka bakal leuwih alus dina hasil diajarna. Tapi mun sabalikna, tinangtu hasil diajarna gé bakal goréng. Ti dieu bakal muncul anggapan, yén pangajaran basa Sunda téh hésé.
Faktor nu pamungkas nya éta kaayaan basa Sunda nu teu bisa nyaluyukeun jeung kaayaaan kiwari. Kamekaran IPTEK bisa ngabalukarkeun basa lokal saperti basa Sunda leungit tina peradaban. Sabab IPTEK geus mendarah daging jeung rahayat mun ceuk paribasa mah. Sagala hal geus dipangaruhan ku IPTEK, saperti dina komputer téa, alat komunikasi, transportasi, jrrd mangaruhan hirup kumbuh masarakat sapopoé. Basa nu dipake lain basa Sunda deui, tapi basa Inggris jeung basa Indonesia.
Siswa ogé nganggap yén naon pentingna basa Sunda, lantaran dina nyanghareupan kamekaran jaman, basa anu leuwih diprioritaskeun nya éta basa Internasional basa Inggris téa.
Guru SMP Negeri 1 Kota Cirebon Ani Supriani ngutarakeun, yén siswa ngajén basa Sunda téh katinggaleun jaman. Maranéhna museur kana pamakéan komputer anu leuwih loba maké istilah basa Inggris. “Saya lebih memilih bahasa Inggris karena menilai lebih penting. Mereka juga mengatakan bahasa Inggris justru lebih gampang dipelajari, “katanya.(PR, 23 September 2011)
Sanggeus ditataan di luhur, basa Sunda mun teu dibebenah deui bakalan leungit katutup ku kamekaran jaman. Ku kituna, hayu urang salaku urang Sunda mekarkeun deui budaya karuhun urang, Lain ngan saukur dimumulé tapi kudu dipaké éta basa Sunda sakumaha kuduna. Mun lain urang nu makéna, rék saha deui. Tumuwuhkeun deui raga katineung kana budaya Sunda sangkan sumebar di ranah ki Sunda.

Pangaruh Kamekaran Teknologi kana Kamekaran Budaya


Pangaruh Kamekaran Téknologi kana Kamekaran Budaya

Jaman kiwari, jaman globalisasi, jaman nu katelahna ku téknologi. Sagala rupa hal dibentuk atawa dijieun ku téknologi, mun teu maké atawa teu ngarti kana téknologi ceuk barudak ayeuna mah gapték ngarana téh.
Naon ari ngaran teknologi téh? Téknologi nya éta metode ilmiah pikeun ngahontal tujuan anu basajan; élmu pangaweruh saduran atawa bisa diterjemahkeun minangka sarana pikeun nyadiakeun pakakas-pakakas anu diperlukeun pikeun kahirupan manusa. Ayana kamekaran téknologi dilantarankeun ku pamikiran manusa pikeun ngaréngsékeun masalah nu disanghareupanana.
Kamekaran IPTEK bener-bener geus diaku jeung dirasakeun loba méré bongbolong pikeun kahirupan manusa. Diantarana nya éta pikeun kabutuhan poko manusia. Dina nerapkeun téknologi maju, manusa mampuh ngabangun imah jeung gedong-gedong agreng. Jalma geus teu maké deui tangga, tapi ngan saukur mencet tombol, dina waktu anu samporét bisa geus nepi di lantai anu dituju. Nepi abad kiwari, manusa ngusahakeun mangfaat lautan jeung antariksa nu sagedé-gedéna ngaliwatan pulo-pulo jeung pakebonan laut. Salian nu geus disebutkeun, masih loba kénéh mangfaat sarta kaonjoyan ayana IPTEK.
Sajeroning mangfaat IPTEK anu sakitu gedéna, geus teu diragukeun deui, yén téknologi sakitu pentingna pikeun karaharjaan hirup, sabab nu ngaranna hirup téh dinamis, jadi kudu aya hal nu bisa nyaluyukeun kaayaan hirup nu dinamis éta. Tapi di sisi nu lian, IPTEK ogé méré kahéngkéran pikeun kahirupan manusa. Teu saeutik dampak nu dibalukarkeun ku ayana IPTEK, lamun ditalungtik leuwih jero deui mah, kaonjoyan  sarta kahéngkéran bisa waé saimbang. Sabab nu ngaranna buatan manusa téh jauh pisan ti kasampurnaan.
Ti mimiti paripolah, sikep, sarta kabiasaan geus dikuasaan ku nu ngarana teknologi. Alam nu sayogyana méré mangfaat pikeun kahirupan manusia, ayeuna geus teu nyugemakeun deui, balik deui ka téknologi, nya éta penggunaan téknologi téa ngarugikeun alam.
Mun di tilik tina kabiasaan urang Baduy jeung Kampung Naga, alam jeung manusa téh saiket sadeudeul, sabab manusa didinya ngajadikeun alam téh salaku babaturana, ceunah dumasar kana kapercayaana, lamun ngamusuh ka alam, alam ogé bakal balik ngamusuhan. Kapercayaan éta téh kabuktian ayana sabaaraha musibah ninggang ka sababaraha kaum manusa, saperti tsunami, gunung bitu, banjir, jsb.
Patali jeung budaya, kamekaran IPTEK ngalahirkeun budaya, saperti jaman kiwari, budaya nu dilahirkeun ku IPTEK nya éta budaya copy paste contona. Ayana téknologi informasi, mémang méré mangfaat nu gedé, tapi di sisi nu lian, ayana téknologi informasi ngaleungitkeun pamikiran-pamikiran anu kritis. Dicontokeun hiji mahasiswa, geus jarang dina ngerjakeun tugas téh mikir sagembleng idena, tapi lolobana copy paste tina internét. Jeung ayana teknologi informasi nya éta komputer téa, jalma geus haroream nulis ku tangan jeung mikir, batan nulis kitu, mikirna mending copy paste téa, sabab mikir jeung naon ayana téknologi informasi tapi teu dimangfaatkeun.
IPTEK mangaruhan ogé kana sababaraha budaya lokal, diantarana budaya Sunda. Dina kamekaran jaman anu beuki modérn, budaya Sunda kudu bisa nyaluyukeun, kudu dinamis dina nuturkeun kamekaran anu geus dikuasaan ku globalisasi jeung modérnisasi. Ayana IPTEK, méré bongbolong pikeun kabudayaan Sunda. Salasahiji contona nya éta geus mulai kaluar situs-situs Sunda di jejaring sosial, saperti Sundapedia, kamus-kamus online basa Sunda jeung blog-blog nu maraké basa Sunda. Ieu téh mangrupa salasahiji tarékah dina ngamekarkeun deui budaya Sunda anu geus érék leungit.
Sajaba ti éta, tarékah nu séjén dina ngamekarkeun budaya Sunda nya éta ngaliwatan majalah, éta téh mangrupa hiji téknologi anu lumayan méré mangfaat gedé. Ku ayana majalah ngeunaan basa Sunda, bisa naékeun deui darajat urang Sunda, yén budaya Sunda téh bisa leuwih maju deui, moal éléh ku kamekaran jaman anu kasohorna téh ngan saliwat-saliwat.
Bisa dicindekeun yén IPTEK méré pangaruh anu gedé pikeun kkaraharjaan manusa, hususna dina kamekaran budaya Sunda. Najan aya kaonjoyan sarta kahéngkérénana dina IPTEK, tapi éta méré ruang pikeun manusa hususna  masarakat Sunda dina ngamekarkeun deui budayana, lain ngan saukur ngamumulé tapi ogé kudu dipaké. Sabab balik deui kana kodrat manusa mah jauh tina sampurna.